Papatah Kolot Baheula
Alam nirwana, alam asal, poe
panjang, Nagara tunjung sampurna, nu baheula ka alaman, ngan kahalangan
ku poho, sabab poe kamari lain poe ayeuna. (Akherat) Wayang nyaeta
gambaran kahirupan manusa Nu dipipindingingan ku silip sindir,
dihalangan ku siloka sareng sasmita, kalayan dirimbunan ku gunung
simbul.
Urang kabeh teh Reket
dengdeng, papak sarua. (Sarua) Teu ngakal moal ngakeul, teu ngarah moal
ngarih, teu ngoprek moal nyapek. Eta dina hate maneh leungitkeun sifat
sirik, pidik, jail, kaniaya, iren, pangasten, dudupak, rurumpat,
ngumpat, simuat, ujub, takabur, nyaci, maki, jeung pedit
Kalayan hapunten bilih kirang tata kirang titi duduga peryoga
cologog sareng sajabina. Maklum ciri sabumi cara sadesa, bilih aya cara
nukacandak ti desa nu kabantun ti kampung nuka jingjing ti patepitan,
bilih teu sapuk sareng mamanahan. Punten nu kasuhun. Jeng dulur mah tong nepikeun tileletik silih ala pati, tilelemet getreng, tilelembut silih ala umur, tibubudak silih ala nyawa.
Ulah nuduh kanu jauh, ulah nyawang kanu anggang, nu caket geura
raketan nu dekeut geura deueusan. Moal jauh tina wujud moal anggang tina
awak, aya naon jeung aya saha? Tina diri sorangan, cirina satangtung
diri. Pek geura panggihan silaturahmi teh jeung diri sorangan, ulah waka
nyaksian batur, saksian heula diri sorangan kusorangan weh.
Sing diajar nulung kanu butuh, nalang kanu susah, ngahudangkeun kanu
sare, ngajait kanu titeuleum, nyaangan kanu poekeun., mere kanu daek,
nganteurkeun kanu sieun Saban-saban robah mangsa ganti wanci ilang bulan kurunyung taun, sok
mineng kabandungan manusa sanajan ngalamun salaput umur kahayang
patema-tema kareup hanteu reureuh-reureuh, dageuning anu bakal karasamah
anging kadar ti pangeran, manusa kadar rencana, Kabul aya tinu maha
agung, laksana aya tinu maha kawasa. Beurat nyuhun beurat nanggung beurat narimakeunnana. (Kecap nuhun) Nyumput buni tinu caang, negrak bari teu katembong. (Tawadhu) Tong Kabobodo tenjo, kasemaran tingali.
Najan Buuk hideung jadi bodas, dada antel kana bumi, buluan belut,
jangjangan oray. moal waka wangsul saacan kenging ridho Gusti. Indung anu ngandung bapa nu ngayuga, indung ngandung salapan bulan
melendung, tapi indung henteu pundung sabab taqdir tinu maha Agung.
Hariring lain nu kuring, haleuang lain nu urang. Hariring kagungan Nu Maha Wening, Haleuang kagungan Nu Maha Wenang.
Jelema mah tungkul tumpuk kalalaputan, tanggah tempat kalalepatan. Samenit ganti sajam robah, sore janji isuk teu dipake.
Lain sia kudu melaan agama, tapi agama nu kudu melaan sia. Sabab agama bakal nyalametkeun urang dunya akherat.
Sakur nu rek ngarugikeun kana diri, bangsa jeung nagara, cegah ku diri sorangan Jalma nu iman ka Pangeran, dimana datang bala sobar, datang untung sukur.
Geura leungitkeun sirik pidik nu ngancik dina ati, aral subaha nu nyayang dina dada.
Ditarima ku panangan dua, disuhun dinu embun-embunan, ditampi ku ati sanubari.
Hirup kudu sauyunan, mun cai jadi saleuwi, ka darat jadi salogak. Sapapait samamanis, sabagja satanggung jawab, sareuneuh saigel.
Ari nu ngaranna hukum adil teH teu ninian, teu akian, teu indungan, teu bapaan, teu sobat-sobat acan.
Dimana urang doraka ka indung bapa, lir ibarat Lamun di lembur kai
randu, lamun di leuweung kai dander. Dipake pangorek bingkeng, dipake
pamikul bengkung. Dipake suluh matak teu ruhai, matak beuleuweung kanu
niupna
Sabar teh lain Ditampiling cicing, ditajong morongkol, digebug murungkut.
Sagolek pangkek, sacangred pageuh, teu unggut kalinduan, teu geudag kaanginan.
Meredih kana asihna Gusti, menta kana murahna nu Kawasa.
Jeung dulur mah Jauh silih tepungan, anggang silih teangan, gering
silih ubaran, paeh silih lasanan, salah silih benerkeun, poekeun silih
caangan, mun poho silih bejaan.
Dedeg sampe, rupa hade, patut teu nganjuk, rupa teu menta, na kalakuan teu beda ti euwah-euwah?
Bisi aya elmu kasungkur-sungkur, pangabisa nu can ka talaah, ajian
nu kasingkir-singkir, geura taluktik ti kiwari, geura kotektak ti
ayeuna.
Ulah jalir janji lanca-linci luncat mulang udar tina tali gadang
Zaman kiwari mah Anu dakwah kari pertentangna, anu ngaji kari hariringna, tapi kajahatanmah beuki meuweuh
Dimana-manahurung nangtung siang leumpang, caang jalan, lugina hate,
kakait ati anu sajati, gagantar rasa anu sampurna, nun gusti ..
teupangkeun kuring jeung manehna, meureun aya rasa, rasa bagja anu
sampurna salamina
Kateter basa, kalangsu mangsa, katinggaleun poe, nyasab dina waktu,
ayeuna, isuk jeung kamari, hiji niat na diri, miharep, ngapimilik anu
sajati
Tidak ada komentar:
Posting Komentar